Minggu, 24 Oktober 2010

Asal Muasal Nabi Adam

Diterangkeun ku Hadits Asal na Nabi Adam teh tina opat (4) perkara, nyaeta :
1. Aci Bumi
2. Aci seuneu
3. Aci Cai, jeung
4. Aci Angin
Ari Aci Bumi, Aci Seuneu, Aci Cai jeung Aci Angin teh asal timana? Diterangkeun ku hadits nyaeta tina “Nur Muhammad” Cahaya Opat Perkara, nyaeta :
1. Cahaya Beureum Hakekatna Seuneu.
2. Cahaya Koneng Hakekatna Angin
3. Cahaya Bodas Hakekatna Cai
4. Cahaya Hideung Hakekatna Bumi
Ari Nur Muhammad asal ti mana? : Eta oge diterangkeun ku Hadits nyaeta asal ti : Nur Maha Suci, nyaeta tina Johar Awal tea. Tah semet eta buntu. Diterangkeun ku Hadits jeung Al-Qur’an, eta Johar Awal teh bibitna tujuh (7) Bumi tujuh (7) Langit sarawuh eusina kabeh. Jadi mana kitu ceuk dalil asal ti Allah teh Gulungan Dat jeung Sifat na Nu Maha Suci. Kakarak jenengan Allah Ta’ala atawa Asma Allah. Alif, Lam, Ha, jeung Panasjid.
- Cahaya Beureum jadi Hakekatna lapadz : ALIF
- Cahaya Koneng jadi Hakekatna lapadz : LAM Awal
- Cahaya Bodas jadi Hakekatna lapadz : LAM Akhir
- Cahaya Hideung jadi Hakekatna lapadz : TASJID
Jadi Karek ALIF, LAM, LAM, HA, kitu ceuk katerangan, jadi eta cahaya anu kasebut diluhur teh anu disebut ISMU DAT tea hartosna Asma Dat Laesa Kamislihi atawa Asma Nu Maha Suci. Ceuk dina ahli padzikiran mah nyaeta Latipah Tea. Tah engke teh kudu bisa balik deui ka dinya, numatak kacida kudu dipikanyahokeun ti ayeuna, geura susul tarekatna anu bisa miceun Hijabna atawa Pepedut Pipinding anu matak jadi Moekeun kana Dat Sifatna Allah Ta’ala. Sing kapanggih jeung Hakekatna Tasjid Muhammad anu aya dina wujud urang pribadi. Tah eta anu bisa atawa konci Muhammad anu bisa ngubrak ngabrik Hijabna ka Allah Ta’ala. Upama kapanggih Insya Allah tangtu urang bisa nyumponan kana basa Inna Lillahi Wa Inna Ilaihi Raji’un, awata basa sunda na mah Mulih ka Jati Mulang ka Asal.
Ari Mulih ka Jati : Rasa Jasmani anu ayeuna keur di pake balik deui karasa tadi keur waktu aya dina NURULLAH (JOHAR AWAL).
Ari Mulang ka Asal : nyaeta Jasmani urang jadi asalna deui ngajadi Nur Muhammad, jadi : Cahaya Beureum, Cahaya Koneng, Cahaya Bodas, jeung Cahaya Hideung.
Samangsa-mangsa balik ka Asal nya ngarana Sampurna : Beak beresih, beak Rasa beak Jasmani.
Mimiti mun rek neangan Pangeran (Allah Ta’ala) aya dawuhan Keng Jeng Nabi Muhammad SAW : “Mantalabul Maulana Bi Gairihi Napsihi Pagodala Ba’ida” anu hartosna : Saha-saha jalma neangan Pangeran (Allah) kalura tina dirina sorangan, mangka satemen-temen na eta si jalma kasasar hirupna. Karana dina tekadna pangrasana manehna jauh jeung Allah Ta’ala.
Padahal aya dalil na : “Wanahnu Akrobu Ilaihi Min Hablil Warid”.
Anu hartosna : Kami (Allah) geus teu aya deui diantara maraneh sakabeh, sanajan diibaratkeun urat beuheung jeung beuheung maneh pribadi oge masih keneh dekeut kami (Allah). Nu matak Manusa leuwih di Mulyakeun ku Allah Ta’ala batan makhluk anu sejena.
Kapan aya deui dalilna kieu : “Man Arapa Napsuhu Pakod Arapa Rabbahu”.
Anu hartosna : Saha-saha jalma nu geus nyaho diri sorangan, geus tangtu nyaho ka Pangeran (Allah).
“Waman Arapa Rabbahu Pako Jahilna Napsuhu”.
Anu hartosna : Jeung saha-saha jalma anu geus nyaho ka
Pangeran (Allah), tangtu ngarasa bodo dirina, karana tangtu kaharti. Si jasad moal bisa usik malik lamun teu daya upaya Pengeran (Allah). Sidik ieu jasmani jadi ruksakna, anu matak urang ngaji teh ulah ngaji kitab anu keuna ku ruksak bae, tapi kudu ngaji kitab anu langgeng.
Kapan ceuk hadits na oge kieu : “Ikro Kitab Baka Kapa Binap Sika Ayarama Alaika Kasiba”.
Anu hartosna : Maneh kudu ngaji kitab anu langgeng, nya kudu ngaji kitab langgeng anu aya di diri sorangan. Geura teangan Kodrat Irodat Pangeran (Allah) teh dina diri sorangan. Jeung leuwih nyata Tingalina Pangeran (Allah) teh dina diri sorangan. Jeung leuwih nyata Danguna Pangeran (Allah) teh dina diri sorangan. Jeung leuwih nyata Pangandika Pangeran (Allah) teh dina diri sorangan.
Karana aya dalil : “Wahua Maakum Ainama Kuntum”.
Anu hartosna : Allah Ta’ala teh ngabarengan bae ka umat-umat sakabeh dimana bae maneh aya kami (Allah) didinya aya. Tapi sategesna ngaran dibarengan ku Allah Ta’ala teh ku Kodrat Irodatna Jeung Elmuna.
Kapan sidik dina sifat 20 oge geus nga rangkep
- Aya “Hayat” sareng “Hayan” : (Hayat hartosna Hirup, Hayan hartosna Nu Hirup)
- Aya “Basar” sareng “Basiron” : (Basar hartosna Ningali, Basiron hartosna Nu Ningali)
- Aya “Kalam” sareng “Mutakaliman” : (Kalam hartosna Ngucap, Mutakaliman hartosna Nu Ngucap)
- Aya “Kudrat sareng “Irodat” : (Kudrat hartosna Kawasa, Irodat hartosna Nu Kersa)
Naon bae nu kawasa dina diri urang teh? Teu aya deui iwal ti Hirup, buktina geuning bisa usik.
Ari Irodat hartosna Kersa, nyaeta buktina Panon bisa Ningali, Cepil Bisa Ngadangu, Pangambung Bisa Ngangseu, Baham Bisa Nyarita.
Tuh Gening sidik teu pisahna teh ayeuna mah atuh, ngan kari neangan barangna bae. Siga naon sipat Kodrat atawa sipat Hirup teh? Wajib pisan kapanggihna, supaya kaharti jeung karasana, ulah ukur percaya kana bejana bae, kudu yakin ku sorangan.
Dugi kadieu heula we nya baraya, hatur lumayan elmuna mugi tiasa ka anggo. Pribados nyuhunkeun pituduh upami ieu katerangan teh kirang leres atanapi teu ngajalur nurut keun pendapat baraya sadaya di antos kritik sarana margi eta nu dipundut ku pribados supados pribados tiasa ngalereskeun nana. Dina sanes waktos urang nerangkeun deui Iman Sareng Maripat sareng bedana.
Wilujeng ngalakonan kawajiban nu diparentah ku Pangeran urang sadaya, urang salaku manusa nu teu daya teu upaya anging Anjeuna nu Maha Agung nu ngusik malikeun urang sadaya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar