Senin, 06 Desember 2010

KIAMAT

kiamat nu pihartieun na NGADEG atawa JADI....
Alam teh aya 2 bagian: 1.Alam sagir[sugro]
                                   2.Alam kabir[kubro]
Nu ka hiji nyaeta Alam sagir[sugro]nyaeta; wujud eusina Alam kabir
Ari Alam  kabir nya eta ieu jagat gorombyangan.
 Ngadegna dunya sagir jng dunya kabir teh bareng,tah dina ancur na ge bareng.
Nurutkeu Hak mah Dunya jeung Manusa teh TUNGGAL,.
Manusa Dunya tea,,Dunya Manusa tea,,Bareng ngadegna areng oge ancurna.

Ngadegna Dunya sagir jmg Dunya kabir urang papay tina alam anu tujuh 7.
1.Alam Ahadiyat.
2.Alam Wahdiat.
3.Alam Wahadiyat.
4.Alam Arwah.
5.Alam Azsam.
6.Alam MIS'al
7.Alam Insan Kamil.

1.Alam Ahadiat nya eta: alam uwung uwung,awang2.acan aya bumi langit,luhur handap,kaler kidul
   kulon wetan,awewe lalaki,beurang peuting,salah bener,acan aya surga naraka,acan aya Manusa setan.
2.Alam Wahdiat nya eta ;alam kumpulna bahan pijadieun bumi langit,kakara dina binih(bibit)
3.Alam Wahadiyat nya eta ;alam mimiti na bumi langit tembong sirungan lamun di ibaratkeun siki mah.
4.Alam Arwah nya eta ;sirung mimiti jadi tangkal,mimti aya kembangan.
5.Alam Azsam nya eta ;ngahiji na Nur kana Jisim,atawa manjing na ROH kana JASAD.
   kembang geus aya sikian deui..
6.Alam Mis'al nya eta ;ngepurna Cahaya nu di sebut NURULLAH,anu ngajadi 4 Martabat.
      1.Roh rohani
      2,Roh jasmani
      3.Roah hewani
      4.Roh nabati
7.Alam Insan Kamil nya eta ;kumpulna Roh anu 7.
           1.Roh rohani.
           2.Roh hewani
           3,Roh nabati.
           4.Roh imani
           5.Roh idopi
           6.Roh ilapi.
           7.Roh kudus.
Tah engke Urang teh Mulih teh bakal ka dinya deui.
                          RAHAYU ._/|\_.

Minggu, 24 Oktober 2010

Asal Muasal Nabi Adam

Diterangkeun ku Hadits Asal na Nabi Adam teh tina opat (4) perkara, nyaeta :
1. Aci Bumi
2. Aci seuneu
3. Aci Cai, jeung
4. Aci Angin
Ari Aci Bumi, Aci Seuneu, Aci Cai jeung Aci Angin teh asal timana? Diterangkeun ku hadits nyaeta tina “Nur Muhammad” Cahaya Opat Perkara, nyaeta :
1. Cahaya Beureum Hakekatna Seuneu.
2. Cahaya Koneng Hakekatna Angin
3. Cahaya Bodas Hakekatna Cai
4. Cahaya Hideung Hakekatna Bumi
Ari Nur Muhammad asal ti mana? : Eta oge diterangkeun ku Hadits nyaeta asal ti : Nur Maha Suci, nyaeta tina Johar Awal tea. Tah semet eta buntu. Diterangkeun ku Hadits jeung Al-Qur’an, eta Johar Awal teh bibitna tujuh (7) Bumi tujuh (7) Langit sarawuh eusina kabeh. Jadi mana kitu ceuk dalil asal ti Allah teh Gulungan Dat jeung Sifat na Nu Maha Suci. Kakarak jenengan Allah Ta’ala atawa Asma Allah. Alif, Lam, Ha, jeung Panasjid.
- Cahaya Beureum jadi Hakekatna lapadz : ALIF
- Cahaya Koneng jadi Hakekatna lapadz : LAM Awal
- Cahaya Bodas jadi Hakekatna lapadz : LAM Akhir
- Cahaya Hideung jadi Hakekatna lapadz : TASJID
Jadi Karek ALIF, LAM, LAM, HA, kitu ceuk katerangan, jadi eta cahaya anu kasebut diluhur teh anu disebut ISMU DAT tea hartosna Asma Dat Laesa Kamislihi atawa Asma Nu Maha Suci. Ceuk dina ahli padzikiran mah nyaeta Latipah Tea. Tah engke teh kudu bisa balik deui ka dinya, numatak kacida kudu dipikanyahokeun ti ayeuna, geura susul tarekatna anu bisa miceun Hijabna atawa Pepedut Pipinding anu matak jadi Moekeun kana Dat Sifatna Allah Ta’ala. Sing kapanggih jeung Hakekatna Tasjid Muhammad anu aya dina wujud urang pribadi. Tah eta anu bisa atawa konci Muhammad anu bisa ngubrak ngabrik Hijabna ka Allah Ta’ala. Upama kapanggih Insya Allah tangtu urang bisa nyumponan kana basa Inna Lillahi Wa Inna Ilaihi Raji’un, awata basa sunda na mah Mulih ka Jati Mulang ka Asal.
Ari Mulih ka Jati : Rasa Jasmani anu ayeuna keur di pake balik deui karasa tadi keur waktu aya dina NURULLAH (JOHAR AWAL).
Ari Mulang ka Asal : nyaeta Jasmani urang jadi asalna deui ngajadi Nur Muhammad, jadi : Cahaya Beureum, Cahaya Koneng, Cahaya Bodas, jeung Cahaya Hideung.
Samangsa-mangsa balik ka Asal nya ngarana Sampurna : Beak beresih, beak Rasa beak Jasmani.
Mimiti mun rek neangan Pangeran (Allah Ta’ala) aya dawuhan Keng Jeng Nabi Muhammad SAW : “Mantalabul Maulana Bi Gairihi Napsihi Pagodala Ba’ida” anu hartosna : Saha-saha jalma neangan Pangeran (Allah) kalura tina dirina sorangan, mangka satemen-temen na eta si jalma kasasar hirupna. Karana dina tekadna pangrasana manehna jauh jeung Allah Ta’ala.
Padahal aya dalil na : “Wanahnu Akrobu Ilaihi Min Hablil Warid”.
Anu hartosna : Kami (Allah) geus teu aya deui diantara maraneh sakabeh, sanajan diibaratkeun urat beuheung jeung beuheung maneh pribadi oge masih keneh dekeut kami (Allah). Nu matak Manusa leuwih di Mulyakeun ku Allah Ta’ala batan makhluk anu sejena.
Kapan aya deui dalilna kieu : “Man Arapa Napsuhu Pakod Arapa Rabbahu”.
Anu hartosna : Saha-saha jalma nu geus nyaho diri sorangan, geus tangtu nyaho ka Pangeran (Allah).
“Waman Arapa Rabbahu Pako Jahilna Napsuhu”.
Anu hartosna : Jeung saha-saha jalma anu geus nyaho ka
Pangeran (Allah), tangtu ngarasa bodo dirina, karana tangtu kaharti. Si jasad moal bisa usik malik lamun teu daya upaya Pengeran (Allah). Sidik ieu jasmani jadi ruksakna, anu matak urang ngaji teh ulah ngaji kitab anu keuna ku ruksak bae, tapi kudu ngaji kitab anu langgeng.
Kapan ceuk hadits na oge kieu : “Ikro Kitab Baka Kapa Binap Sika Ayarama Alaika Kasiba”.
Anu hartosna : Maneh kudu ngaji kitab anu langgeng, nya kudu ngaji kitab langgeng anu aya di diri sorangan. Geura teangan Kodrat Irodat Pangeran (Allah) teh dina diri sorangan. Jeung leuwih nyata Tingalina Pangeran (Allah) teh dina diri sorangan. Jeung leuwih nyata Danguna Pangeran (Allah) teh dina diri sorangan. Jeung leuwih nyata Pangandika Pangeran (Allah) teh dina diri sorangan.
Karana aya dalil : “Wahua Maakum Ainama Kuntum”.
Anu hartosna : Allah Ta’ala teh ngabarengan bae ka umat-umat sakabeh dimana bae maneh aya kami (Allah) didinya aya. Tapi sategesna ngaran dibarengan ku Allah Ta’ala teh ku Kodrat Irodatna Jeung Elmuna.
Kapan sidik dina sifat 20 oge geus nga rangkep
- Aya “Hayat” sareng “Hayan” : (Hayat hartosna Hirup, Hayan hartosna Nu Hirup)
- Aya “Basar” sareng “Basiron” : (Basar hartosna Ningali, Basiron hartosna Nu Ningali)
- Aya “Kalam” sareng “Mutakaliman” : (Kalam hartosna Ngucap, Mutakaliman hartosna Nu Ngucap)
- Aya “Kudrat sareng “Irodat” : (Kudrat hartosna Kawasa, Irodat hartosna Nu Kersa)
Naon bae nu kawasa dina diri urang teh? Teu aya deui iwal ti Hirup, buktina geuning bisa usik.
Ari Irodat hartosna Kersa, nyaeta buktina Panon bisa Ningali, Cepil Bisa Ngadangu, Pangambung Bisa Ngangseu, Baham Bisa Nyarita.
Tuh Gening sidik teu pisahna teh ayeuna mah atuh, ngan kari neangan barangna bae. Siga naon sipat Kodrat atawa sipat Hirup teh? Wajib pisan kapanggihna, supaya kaharti jeung karasana, ulah ukur percaya kana bejana bae, kudu yakin ku sorangan.
Dugi kadieu heula we nya baraya, hatur lumayan elmuna mugi tiasa ka anggo. Pribados nyuhunkeun pituduh upami ieu katerangan teh kirang leres atanapi teu ngajalur nurut keun pendapat baraya sadaya di antos kritik sarana margi eta nu dipundut ku pribados supados pribados tiasa ngalereskeun nana. Dina sanes waktos urang nerangkeun deui Iman Sareng Maripat sareng bedana.
Wilujeng ngalakonan kawajiban nu diparentah ku Pangeran urang sadaya, urang salaku manusa nu teu daya teu upaya anging Anjeuna nu Maha Agung nu ngusik malikeun urang sadaya.

Rabu, 13 Oktober 2010

syahadat

syahadat nya eta: anu di sebut kalimah KALIH,sabab syahadat teh dua kalimah,ka hiji jeung ka dua.
nu ka iji jeung ka dua teh kalimah 'PUJI PIMUJI'.
Kalimah ka hiji nya eta: puji hadis ala kodim.
             ka dua nya eta:puji kodim ala hadis..
eta dua kalimah teh moal bisadi pisahkeun atawa ngadeg salah sahiji,,
kalimah ka hiji nembongkeun aya na Dzat Allah,,
nu ka dua nembongkeun Sipat,Asma,Ap'al Allah.
Ngahijina dua kalimah eta,lir ibarat GULA JEUNG AMISNA,KEMBANG JEUNG SEUNGITNA.
nu di kuatkeun ku dalil : QS Wakiah Ayat 85,,'wanahnu akrobu ilaihi minhablil warid"
jeung "ila hakko bila hakkin,ila hakkin bila hakko.,

Suhudiah nu hartina : nyahona ka Dzat,Sipat nu maha Suci ku awasna panon kolbu,
Ku sabab kitu,ari ngan sakadar nyebut atawa maca wungkul mah teu sah atawa can sampurna.
jadi kudu sah DzatNa.
               sah SipatNa.
               sah AsmaNa.
               sah Ap'alNa.


         Rahayu...Rahayu...RAhayu  .._/\_..

Senin, 11 Oktober 2010

Pesan dari Sang Ibu..

Pesan dari Sang Ibu..


Namaku Bumi....
Aku adalah Ibu bg kalian para jagat kecil...
Aku adalah Pelayan semua kebutuhan kalian..
Aku tak pernah mengeluh ketika kalian mengambil semua bulu2 di permukaaanku..
Aku tak pernah marah ketika kalian mengambil urat2 dan daging dalam tubuhku..
Aku tak pernah merasa kekeringan ketika kalian mengambil cairan dlm tubuhku..
Aku tak merasa jijik ketika kalian memberiku kotoran dan limbah berbau..
Aku tak pernah membedakan diantara kalian
Kini aku sudah tua...sudah mulai kelelahan melayani semua keinginan kalian..
Akhir2 ini..
AKU sering menarik napas berat..
Terkadang helaan napasku menyapu apa yg ada di kulitku..
Aku sering bergeliat menyelaraskan tubuhku yg sudah mulai rusak disana sini..
Terkadang karena geliatanku sebagian dr anak2ku  kembali kepangkuanku..
Aku sering berkeringat menahan beban dipermukaanku...
Terkadang keringatku merusak milik2 kalian..
Aku sering menangis menahan sedih melihat anak2ku yg tlah melupakanku..
Terkadang air mataku menenggelamkan sebuah kota..dan anak2ku para penghuninya..
Pesan ..untuk anak2ku ..
Mulai saat ini . rawatlah Ibu ...kurangi semua keinginan kalian yg dapat merusak tubuhku ini..
Jangan sampai Ibumu ini menghela napas berat..lagi
Jangan sampai Ibumu ini menggeliat lagi..
Jangan sampai Ibumu ini berkeringat lagi..
Jangan sampai Ibumu ini menangis lagi..
Pesanku yang terakhir...
Janganlah kalian meragukan Cinta Kasihku pada kalian..
Janganlah ada pertanyaan ..apakah Bumi telah marah pada kalian?apakah Bumi tak lagi bersahabat lagi dgn kalian?Karena selamanya Aku sayang pada kalian...
Semoga kalian dapat jadi anak anak terbaikku....


Rahayu....Rahayu...Rahayu..._/\_

Jumat, 08 Oktober 2010

Makna Dua Kalimat Syahadat

Makna persaksian ini adalah
  • menyaksikan dengan lisan
  • meyakini dalam hati
  • dan memenuhi segala konsekuensinya dengan mengamalkan perintah Allah dan meninggalkan larangan-Nya.
Sehingga makna persaksian syahadat tidak hanya sekedar ucapan saja. Oleh karena itu Allah mendustakan perkataan kaum munafiqin yang tidak meyakini hal ini di dalam hati mereka.
Apabila orang-orang munafik datang kepadamu, mereka berkata: “Kami mengakui, bahwa sesungguhnya kamu benar-benar Rasul Allah”. Dan Allah mengetahui bahwa sesungguhnya kamu benar-benar Rasul-Nya; dan Allah mengetahui bahwa sesungguhnya orang-orang munafik itu benar-benar orang pendusta. (Surat Al-Munafiqun : 1)
Ayat di atas merupakan bantahan terhadap kelompok Murji’ah yang menyatakan bahwa syahadat cukup dengan lisan saja dan sudah mencukupi untuk masuk Islam.
Tidak Ada Tandingan Bagi Allah
Makna “Tidak ada tandingan” adalah tidak ada tandingan baik dari segi sisi Rububiyah, Uluhiyah, Asma wa Sifat.
Walaupun di dunia ini banyak terdapat sesembahan selain Allah, akan tetapi yang berhak untuk disembah hanyalah Allah. Yang demikian itu karena Allah-lah yang berhak untuk disembah, dan sesungguhnya apa-apa yang disembah selain Allah itulah yang batil.
Oleh karena itu tatkala seseorang mengucapkan kalimat syahadat, maka dia harus meninggalkan peribadahan kepada selain Allah dan hanya menyerahkan ibadah kepada Allah semata.
Kaum musyrikin di zaman Rasulullah memiliki pemahaman dan lisan yang fasih dalam bahasa Arab, sehingga tatkala mereka diajak untuk mengucapkan “Laa ilaaha illa Allah”, maka mereka menjawab, “Apakah dia (Nabi Muhammad) hendak menjadikan tuhan-tuhan itu satu saja, yang demikian merupakan perkara yang aneh”
Mengapa ia menjadikan tuhan-tuhan itu Tuhan Yang Satu saja? Sesungguhnya ini benar-benar suatu hal yang sangat mengherankan. 

Rabu, 06 Oktober 2010

ngaji ulah kaluar tina diri

mun ngaji kaluar tina diri maka bakal kasasar hirupna.
"ikro kitabakka kapa binapsikal alyaoma alaeka hasiba"
bacca kitab nu langgeng nu aya na diri,,teangan kudrat jeung iradat kami

hakekat iman

!!!!!!!!!!!!

oleh AWox SaPta NalakasuraBoma pada 04 Oktober 2010 jam 18:39
tah ieu salah sawios diantawisna aturan tehd Ari satiap jalma anu iman jeung Islam dina pamadeganana estu sok mayunkeun kayakinan, moal kersa udar tina hal anu alus komo ieu masalah hirup ku melip dialam dunya seueur halangan rint...angan, ujian cobaan silih gunta ganti lamun pikeun jalma anu iman tur Taohid ka Alloh SWT moal gimbir sanajan peurih atina, sanajan loba benturan saba pikeun jalma anu iman bisa tahan bantingan ku margi apal perlindungan, sadayana kagungan Alloh jeung tetep tara leupas tina aturan Alloh SWT.Koncina nyaeta kalimah Taohid “Audzu billahi minas syaetonir rozim “ hartosna” abdi nyalindung ka Alloh SWT tina panggoda syetan anu ngarajam”Datang pertarosan “nyalindung ka Alloh teh kana naonana ? nyalindung ka Alloh SWT nyaeta nyalindung kana rahmatna, aturanna tegesna kana pertulunganana.Maksudna sanajan loba anu ngahina, moyok, mitnah, eta panghina teh henteu matak jadi kanyeunyeurian sanajan nyeurimah aya da manusa biasa, tapi hanteu teras terasan nyeuri sabab apal resepnaQul qullu min ‘indillah “hartosna ”Ucapkeun’ sakabeh-kabeh ti Alloh nu Alloh”Jalma anu bisa nyalindung nyaeta jalma anu sadar sabab dimana aya panyaci, panghina, ngaledek moyok tara dilawan saruanna sabab ngarti eta teh sabenerna nu mitnah, moyok, jeung sabangsana geuning sacara hanteu langsung nanyakeun kana jiwa urang “saha pangeran Anjeun”“Man Robbuka “ mun di hina di poyok ngajawab Alloh SWT pasti moal saruana komo hayang males kanyeuri kunu leuwih nyeuri.Jadi jalma Iman jeung Islam jiwana di pake nyalindung kana Aturan Alloh Ta’ala. Dimana loba jalma anu aral pedah ku panghina moyok panyaci eta teh jalma anu ngaku pangeran Alloh SWT mung sabatas dina omongannana wungkul. Atuh moal bisa ngajawab pertanyaan tadi “saha pangeran Anjeun” muin ngahina dilawan ngahina deui, aya anu moyok dilawan ku poyokan deui berarti pangeran teh dendam lain Alloh.Urang nyalindung ka Alloh sing apal jawaban datang hujan geus sayogi payung, datang panas geus sayogi payung, bisa ngiuhan tina perkara anu hanteu di pikaharep ku urang jeung cocok aturan. Minangka ka hujan, panas, teh ujian ti Alloh mun teu bisa ngajawab berarti kahujanan, kapanasan, oh jadi baturna syetan sabab teu bisa nyalindung.“Faida karo’tal Qur’ana fastaid billahi minas syaetoni rozim”Hartosna “mangka dimana rek maca Qur’an keur maca qur’an atawa geus maca qur’an manka prak geura nyalindung ka Alloh tina panggoda Syetan anu ngarajam”Dimana jalma anu bisa taudz pasti di gerak jeung lampah katut lisannana teu lepas dina aturan Alloh jeung pedoman hirupna Al-Qur’an.Ciri-ciri jalma anu Taudz bisa di nyatakeun :1. Tekadna panceug, sabab indit tina kapastian dirina anu nyalindung, ciri teusanggup lepas tina undang-undang ka imanan jeung ka islaman.2. Ucapannana pertela, sababna kaluar eta lisan tina hasil ka panceugan dirina anuteu lepas tina panyalindungan rohmat sareng pertulungan Alloh SWT.3. lampahna nyata, sabab kabuktian yen ku lampah cocok jeung aturan meningka buktitina ka taohidan, lepas tina pangajakna syetan anu ngarajam.Hartosna “Saestuna syetan moal aya tangan pangawasa ka jalma anu iman jeung tawakal ka pangerana” anu mawi teutp panceug jadi jalma anu bisa taudz” BissmillahirrohmanirrohimAlhamdulillah assolatu wassalamu ala syayidina muhammadin wa alla ali wasobihi ajmain ama badu.Ari kalimah Al bassmallah anu di serat jadi ngawitan upami bade didamel terutama bade ibadah atawa bade ngajalankeun amal hade. Margi Al Qur’an anu dibagi jadi tilu puluh (30 juz) eusina aya saratus opat welas (114 serat) anu jumlahna ayatna genep rebu genep ratus genep puluh genep (6666 ayat), ari sadaya kalimahna aya tujuh puluh tujuh rebu salapan ratus tilu puluh opat (77934 kalimah) eta kabeh wahyu Alloh Ta’ala anu diturunkeun ka kanjeng Nabi Muhammad Saw saperti : Jabur, Taurat, Injil nyaeta wahyu anu parantos di turunkeun ka para nabi-nabi anu ti heula di wahyukeun deui ka kanjeng Nabi Muhammad Saw nyaeta Al-Qur’an.Lamun di ringkeskeun hakekatna eta Al-Qur’an jadi sasurat nyaeta surat Al-fatihah anu ayatna aya tujuh ayat. Eta anu tujuh ayat teh diringkeskeun deui hakekatna jadi saayat nyaeta kalimah Al-Bassmallah, ari ringkesna atawa hakekatna kalimah basmallah teh nyaeta titik Ba.Eta kalimah kumarga titik ba tea jadi wahyu Al-qur’an dina bakalna mah dilungsurkeun ka kanjeng nabi Muhammad Saw teu sakaligus, ngan dohirna jadi hidayah, dina jaman dua puluh tilu taun ditungtut numutkeun kaperyogiannana.Ari titik ba teh nyaeta “Bariul Baroya” tegesna kumpulna kholik jeung mahluk, sundana mah kumpulna nu ngajadikeun jeung nu di jadikeun.Kenging di contokeun saperti manusa (mahluk) anu di mulyakeun Alloh ta’ala nyaeta elmu jeung akal sarua dibisakeun cumarita tur disina ngagawean kaayaan alam dunya, anu matak di aherat aya surga jeung naraka pikeun manusa, ceuk kateranganana oge :Al insanu sirri waana siruna hartosna “Ari manusia rusiah Kami ari Kami rusiah manusa” nyaeta anu ngadawuhkeun ku Alloh ta’ala, kumargi titik ba aya dina kalimah Bassmallah, ari Bassmalah hakekatna jadi sajilid nyaeta Al qur’an ari Al qur’an eta pituduh pokona anggaran dasar agama islam.Ana kitu kalimah bassmallah teh upama walungan lir ibarat sirahna jadi lamun anu diajar agama islamna, diajar heula ngahartikeun kalimah bassmallah eta lir ibarat anu ngungsi walungan tina sirahna ka hilirkeun tangtu moal sasab.Tapi lamun anu diajar agama islam hanteu ngahartikeun heula kalimah Bassmallah eta lir ibarat anu nyungsi walungan ti hilir ka girangkeun eta tangtu kana sasabna lamun nyungsi sirahna teh. Margi pirang-pirang walungan anu ngamuara kana eta walungan teh anu di papay tea susah nepina kana sirahna lamun urang henteu aya nu nuduhkeun mah.Nya kitu deui lamun terjemahan kalimah Al Bassmallah jadi jembatan elmu Usuludin. Barang elmu Usuludin eta fardu ‘aen, anu wajib dikanyahokeun ku sakur anu manganut agama islam, nyaeta anu bade ngalakonan ibadah (kumawula) kana parentah Alloh Ta’ala, cara ceuk keterangan :“Lianal asla walusasa huwa ma’rifatul ma’bud koblal ibadah”“karana saenyana dapuranana jeung dadasaranna agama eta kudu ngarti kanu dikawulaan samemeh kumawula”Deui ceuk keterangan :Awaludin marifatullohi“Mimitina agama eta kudu ngarti heula ka Alloh Ta’ala nyaeta ngarti ku akal jeung faham”Keterangannana :Aklu nurun pilkolbi yupariku baenal hakki wal batili“ari akal eta cahaya dina leubeting ati anu sok bisa misahkeun antara hak jeung batal (bener jeung salah).”Tapi sanajan geus kaharti ku akal oge kudu tetela pisan benernaCeuk keterangan :Awwalu wajibin alal insani marifatullahi bistikon“ari mimiti wajib ka manusa anu geus islam kudu ngarti heula ka pangeran kalawan yakin, ari geus yakin eta tetela’”Aya keterangan pituduh wahyu Alloh Ta’ala anu kaunggel dina Al Qur’an nu sundana :“Barang ari mimitina pikeun Taohid ka Alloh Ta’ala nyaeta kudu ngarti heula eusina kalimah Al Bassmallah, margina dina eta kalimah teh aya jenengan-jenengan tina sawarehna jenengan Dzat Alloh Ta’ala.Ari anu di ngaranan kalimah Al Bassmallah teh nyaeta kalimah Bismillahirohmanirohim, anu asalna tina lafazd : Bi Ismin, Alloh, Arrohmanu jeung Arrohimi.Bi ismin sundana kalawan nyebat jenengan atawa dengan nama nyaeta jenenganana teh lafazd Alloh.Lapad Arrohmani jeung lapad Arrohimi nyaeta jenengan-jenengan tea ceuk arab mah Asma